Dua teks MC Isra Mi'raj bahasa Sunda yang perlu dipandang cikap dan disesuaikan dengan kebutuhan acara tersebut, ditulis berikut:
1. Teks MC Bahasa Sunda 1
* Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
* Bapa Kepala SMA anu ku sim kuring dipihormat, teu kakantun réréncangan sadaya anu ku sim kuring dipikareueus.
* Langkung ti payun sumangga urang manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, Allah Swt, anu parantos ngalélérkeun ni’mat sareng kasehatan dugi ka urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangimut dinten Isra Miraj Nabi Muhammad.
* Solawat sinareng salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang, Kangjeng Nabi Muhammad, ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Aamiin.
* Sim kuring ngadeg di payuneun hadirin sadaya wiréh kapancénan salaku panata acara seja ngadugikeun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, di antawisna:
1. Bubuka
2. Laporan ti Ketua Panitia Pelaksana
3. Pamapag ti Bapa Kepala SMA N 1 Jalaksana
4. Tausiyah
5. Doa/Pnutup
* Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga ieu acara urang buka ku maos basmalah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.
2. Teks MC Bahasa Sunda 2

* Hadirin ikhwanul muslimin wal muslimat, mu’minin wal mu’minat anu insya Allah dimulyakeun ku Allah. Urang sadaya, khususna pribados panata acara, kalintang reueus tur bingah taya papadana, wireh para inohong, pinisepuh, alim ulama, pamangku wilayah parantos katingal rempeg, sarumping ka ieu majlis.
* Pa Lurah sinareng Ibu, Pa RW sinareng Ibu, Pa Kiyai Haji Zainudin, Bapa RT, para inohong, pinisepuh, alim ulama, hadirin anu ku sim kuring dipihormat sareng mugi dimulyakeun ku Allah nu Maha mulya
* Dupi runtuy acara anu nuju sareng baris lumangsung nyaeta:
1. Bubuka (Maca basmallah)
2. Tilawah Al Quran sareng tarjamah
3. Sambutan ti pamangku acara ngarangkep pupuhu lembur (Ketua RW)
4. Tausiah/hikmah Maulid
5. Du’a
6. Pututup
* Supados teu seueur nyangkolong waktos, urang lajengkeun ka acara ka 2, nyaeta tilawaah Al Qur'an sareng tarjamahna anu baris diaos ku Saderek Maratul sareng Kamila.
* Salajengna acara ka 3, sambutan ti pupuhu lembur urang, kersana Bu RW nu ngarangkep pupuhu acara muludan ieu. Pangersa Ibu RW, sinareng hormat, sumangga, haturan! Hatur nuhun ka sadérék Maratul sareng Kamila nu tos maos Quran, mugia Allah maparin ganjaran ku pirang-pirang kasaean khusus ka nu maosna, oge urang nu ngadanguna.
* Salajengna acara ka 4 minangka acara nu utami nu dianti-anti nyaeta tausia atanapi hikmah maulid Nabi Muhammad saw nu baris didugikeun ku Al Mukarom Bapa (.............). Sinareng hormat, Al Mukarom Bapa (.............), sumangga, haturan!
* Salajengna acara ka 5, maos du’a nu baris dipingpin ku kersana Bapak (.............). Sinareng hormat, Bapak Ustad Sigit Aryo, sumangga, haturan!
* Rupina runtuyan acara parantos rengse, pribados panata acara nyuhunkeun dihapunten bilih langkung saur bahe carek, bobo sapanon carang sapakan, nyuhun dihapunten tina sagala kakirangan, kirang tata, kirang basa, tebih tina kasampurnaan.
* Mangga urang sasarengan maos du’a panutup: Subhanakallahumma wa bihamdika asyhadu al-laa ilaaha illaa anta astaghfiruka wa atuubu ilaik.
* Wassalamualikum wr wb.
3. Teks MC Bahasa Sunda 3

* Sampurasun, langkung ti payun widian simkuring ngadugikeun hatur séwu nuhun kana saniskanten perhatosan Bapa Pupuhu (Nama sakola/pesantren/jst)
* Anu ku simkuring dipihormat, Bapa Ustad (.............) Anu ku simkuring dipihormat, Bapa/Ibu guru anu ku simkuring dipikadeudeuh.
* Tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji ka dzat Allah anu Maha Kawasa, sinareng syukur ka dzat Allah anu Maha Ghafur. Kalayan nikmat ti Allah urang sadaya tiasa kumpul mungpulung, patepang raray dina raraga kagiatan Isra Miraj Nabi Muhammad.
* Solawat miwah salam mugi tetep ngocor ka jungjunan urang sadaya, Kangjeng Nabi Muhammad saw, sarta ka kulawargina, sohabatna, tug dugi ka urang salaku umatna dugi ka dinten kiamah. Amiin yaa robbal alamin…